Total Tayangan Halaman

Jumat, 04 Februari 2011

Drama Sunda


 Babak I
        Harita keneh di Jalan ngiring bingah no. 5 kampung pilucueun tea, aya hiji Madrasah anu kasohor kapinteranana nyaeta Madrasah Bungah Pisan. Di madrasah eta aya tilu Diva anu araraktif pisan jeung anu kasohor pisan di eta madrasah teh. Tilu Diva eta nyaeta Denok, Enok, jeung Tinok. Ayeuna tilu Diva eta nuju sibuk-sibukna mukaan buku pelajaran sareng nuju ngarapalkeun.
Tinok : “ Aduh.... geus wayah kieu Bu Ustadz can datang wae. Kumaha atuh nya???”
Denok : “ Ah... make kumaha-kumaha sagala, biasa we atuh. Puguhan alus, urang jadi bisa ngeceng.”
Enok : “ Astagfirullah.” ( Bari nyekelan sirah )
Tinok : “ Aya naon Nok?”
Denok : “ What-Hap-Pen??”
Enok : “ Eh.... maraneh teu inget ayeuna teh di Tes perkenalan make Basa Arab.”
Tinok : “ Ah..... kumaha atuh nya....?Cing sok...soklah Tes uing.”
Denok : “ Ah kos nu bisa weh.”( ngaremehkeun )
Tinok : “ Bisa. Sok tes...”
Enok : “ Siap, uing nanya yeuh.....Mas muka?”
Tinok : “ Ba’da dhuhur pas Aqimushalat.”
Denok : “ Naon maneh mah ngaco ngajawab teh.”
Tinok : “ Ngaco kumaha atuh yeuh. Apan artina teh Ma: apa ( naon ), Mas: Tamas, ari muka teh Rarai. Jadi, mas muka teh...tadi tamas rarai teu?Nya entos we di jawab ba’da dhuhur pas aqimushalat. Artina teh abdi tamas teh tos shalat Dhuhur.”
Enok : “ ( Bari ngadegungkeun ) Blegug maneh mah.”
Tinok : “ Ih da meni kitu ka abdi teh. Bejakeun gera ka Ema. Kan ceuk Bu Ustadz ge tong ngadegungkeun mastaka yeuh...dosa. Hayang dosa terus abus kana naraka??”
Enok : “ Heueuh atuh sorry.”
Denok : “ Eh, dengekeun atuh yeuh. Mas muka teh hartina saha ngaran anjeun. Lain iraha tamas. Ku urang gera contoan. Mas muka?”( Bari nanya ka Enok )
Enok : “ Is mi Enok. Hartina ngaran kuring Enok.”
Tinok : “ Oh....kitu.Ayeuna mah urang ngarti.”
           Teu lila ti eta aya lalaki nu mirip orang Arab nyamperkeun ka barudak S. A bari lulumpatan tea. Lalaki eta langsung nyampeurkeun sabari nyekelan calanana.
Burhanudin : “ Assalamu’alaikum....Ya ahli kubur.”
Denok, Enok, Tinok : “ Wa’alaikum Salam. Kacida teuing ieuh... Maenya we nu hirup keneh disebut ahli kubur. Ah sia mah diajar bodo.”
Burhanudin : “ Afwan....afwan.....ainal ismi mami.”
Tinok & Enok : “ Ma....ma ?”
Burhanudin : “ Ainal ismi mami ( bari nyekelan calanana )”
Denok : “ Eta meureun kamar cai.”
Tinok : “ Itu...itu...itu...kan kamar cai teh aya di ditu dipayun. Lurus we. Naon basa Arabna atuh??”
Denok : “ Ihdinasyirotol mustaqim.”
Burhanudin : “ Sukron...sukron.”
Enok : “ Wah, maneh teh pinter geningan.”
          Teu lila ti eta Bu Ustadz langsung torojol ti panto.
Bu Ustadz : “ Assalamu’alaikum....barudak. Ayeuna urang ngabahas kadaharan-kadaharan anu haram di dahar. Kadaharan-kadaharan anu haram diantarana : Anjing....barudak, Babi....barudak, bagong....barudak....”
Denok & Enok : “ Leres......Bu leres.”
Tinok : “ Ih....Bu Ustadz mah kasar nyariosna. Kapan saur Ema ge teu kengeng nyarios kasar.”
Bu Ustadz : “ Eh....eneng, sanes nyarios kasar eta mah nyapertoskeun.”
          Teu lila ti eta aya salah sahiji murid nu telat datang.
Bu Ustadz : “ Yeuh, timana wae atuh neng nembe dongkap wayah kieu.”( bari ngambek )
Itok : “ ( Ceurik ) heu....heu....Bu mah baong....hoyong di gegel ucing garong...sok wartoskeun gera ka....ka....kasaha nya??? Wartoskeun gera ka Pak Ustad.”
Bu Ustadz : “ Naha atuh bet bisa telat. Emangna bumi teh dimana?”
Itok : “ Ibu kan bumi abdi teh jauh, nya BBM naek, ongkos naek, mana teu aya ojeg, hujan turun jadi becek, suku abdi malah jadi baloleksek.”
Bu Ustadz : “ Na bumi teh dimana?”
Itok : “ ( langsung nyanyi lebay )”
            Saatos eta, ti dinya ujug-ujug Bu Ustadz ceurik teu puguh-puguh.
Enok, Denok, Tinok : “ Ari maneh atuh tempo....jadi we Bu Ustadzna nangis. Duh....karunya nepi ka nyenyerian kitu.”
Bu Ustadz : “ Duh....duh....aduh....gancang eta hanjatkeun suku, nyeri yeuh ti tatadi katincak.”
Itok : “ Ari Ibu atuh sanes nyarios ti tatadi.”
Bu Ustadz : “ Nya entos atuh ayeuna mah aruih we. Istiadzan hamdalah.”

Babak II
        Di hiji tempat, aya aa Jim nuju sareng Nyai Sinden Panggung duduaan.
Nyai Sinden : “ Kumaha atuh aa??Maenya hubungan teh bade kieu wae??”
AA Jim : “ Kumaha nya? Atuh  nyai da kedah nyungkeun ijin heula ka teteh.”
       Teu lami ti eta aya Ibu-ibu nembe uih ti pasar.
Bu ijah, ijih, ijuh : “ Oo....Pak Ustad kanyahoan, rek poligami ejeung nyi sinden bejakeun ka teteh.” ( bari langsung lumpat )
AA Jim : “ Bu....bu....sanes kitu ka dieu gera urang jelaskeun.”
        Teu disangka-sangka Bu Ustad datang.....
Bu Ustadz : “ Oh.....aa.”
AA Jim : “ Teteh sanes kitu. Kadieu heula atuh!!” ( bari lumpat nuturkeun teteh )
           Tidinya teu disangka-sangka yen sarung nu di anggo AA Jim morosot.
Nyai Sinden : ( ngudag aa Jim ) “ Astagfirullah.....aa.....antosan atuh abdi kumaha.”


Babak III
 
         Hiji waktu aya barudak Internasional School ( I S ) anu ngayakeun Study banding ka Madrasah Bungah Pisan anu dipimpin ku Teh Mimih jeung aa Jim. Ti dinya barudak Internasional School sareng guruna datang.
Jessica : “ Teu salah yeuh bu. Ih....kampung. Ngarana we kampung pilucueun...tapi...ih meni....teu elit, becek, mana euweuh ojeg, suku lecet. Ih....pikasebeleun pisan.”
Bella : “ Iya....ih....meni engke panangan abdi ku reungit. Mana nembe di meni pedi. Engke geulisna leungit. Kabogoh abdi engke kabur kumaha?”
Laura : “ Eh...Kumaha atuh. Angina gede pisan. Aku takut merusak rambutku. Ah....parah ieu teh. Madrasah naon ieu sih. Ih, meni siga gubuk derita.”
          Saatos kitu, jol we barudak S A.
Barudak S A : “ Ehm, rambut indah, karek ti salon. Eta tempo ka handap kutu muruluk.”
Miss. Lusiana : “ Huh.....teu berpendidikan .... ti sakola mana maneh?”
         Tidinya barudak  S A careurik bari ngahik-hik da di carekan tea ku Miss. Lusiana. Teu lami ti eta, Bu Ustadz datang. . .
Bu Ustadz : “ Saha maneh??? wani-wanina ngahina murid aing!! Wani maneh ka urang??”
Miss. Lusiana : “ Wani. Sok hiji lawan hiji.”
Bu Ustadz : “ Ah. . . .kagok. Serang barudak. . .!!! Eh teu nyahonya, kieu-kieu oge barudak S A mah jarago Pencak Silat. Barudak teh lulusan. . . .Lulusan timana urang teh barudak?”
Barudak S. A : “ Gunung Kidul gitu lho!!
Bu Ustadz : “ Kenalkeun, urang teh Mimih ketua Pencak Silat gunung Kidul!!”
Enok : “ Ciiaat. . .Urang Enok.”
Itok : “ Ciiaat. . .Urang Itok.”
Denok : “ Ciiaat. . .Urang Denok.”
Tinok : “ Ciiaat. . .Urang Tinok sareng kakuatan Bulan, abdi bakalan ngahukum mararaneh.”
Barudak S A : “ Ha...ha....ha.... ( Bari ngagaya siga pahlawan bertopeng )”
Jessica : “ Naon ngaran teh meni Enok, Itok. Ih. . .meni kampung pisan.
Denok: “ Justru ngaran kampung teh bermakna kieu-kieu oge, berarti eta teh nyirikeun yen urang teh cinta ka budaya Sunda. Daripada I S ngaran we siga nu heueuh ari taeun katro, deso deuih.”
Laura : “ Gaul. . .atuh. . .gaul make ngaran teh. Alus bahasa Asing gitu lho!!”
Miss. Lusiana : “ Eh, kieu-kieu barudak urang teh lulusan taekwondo. Kenalkeun, hiiaat. . .urang Lusiana ketua Taekwondo ti I S. Ha...ha...ha.”
Laura : “ Hiiaat. . .urang Laura.”
Jessica : “ Hiiaat. . .urang Jessica.”
Bella : “ Hiiaat. . .urang Bella.”
Itok : “ Laura. . .Laura. Naon deui Laura. Maksud Lho Cinta Laura??? teu mirip-mirp acan.”
Tinok : “ Jessica. . Jessica meni siga merk mobil wae. Balaga tah ieu budak teh.”
Enok : “ Bella...ehm. . Bella teh anu kieu ningan : Ting. . .tong.”
Barudak I S : “ Nantang maneh??”
Barudak S A : “ Hayu. .”
Burhanudin : “ Apakah yang dapat menyatukan kita. . . Salah satunya dengan musik ( bari ngajak barudak ngumpul bari joged ).”
          Saatos pasea kitu, ahirna barudak S A jeung barudak I S ngajak daramai...
Barudak I S : “ Damai yuk?”
Barudak S A : “ Hayu...”
Jessica : “ Kumaha lamun misalna keur ngarayakeun damai ieu urang ngayakeun kemping?”
Miss. Lusiana : “ Hayu. . .tapi kamana?”
Barudak S A : “ ( bari ngarumpul jeung ngagaya lebay ) kamana-kamana???ka gunung Geulis.”
Bella : “ Nya. . .hayu atuh urang persiapkeun heula ayeuna. Isuk urang langsung ka gunung Geulis.”
Barudak I S & S A : “ Hayu. . ,”
Babak IV
          Di samping eta, di tengah-tengah leuweung aya imah kosong anu katingalina geus lila teu di isi. Iwal ku Jurig... Ti dinya, kaluar dua jurig nyaeta suster Esot jeung DaraKula..
Mr. DarK : “ iih. . .nyi Esot. Di teuteup teh meni beuki geulis wae. .”
Nyi Esot : “ Aah. . .si akang mah tiasa we muji teh.Hi...hi...hi...”
          Teu disangka-sangka teu lila ti eta nyi Kunti datang. . .
Nyi Kunti : “ Hi....hi....hi....( bari nyampeurkeun Mr. DarK ) Alah dasar lalaki!! Teu di dunya teu di aherat...maneh mah tetep we salingkuh. Huh. . .dasar borokokok sia!!! Ontohod pisan sia teh!!”
Mr. DarK : “ Aduuh. . . .Nyi. . .ieu mah salah paham...!!”
Nyi Kunti : “ Salah paham....salah paham. . .Emangna urang teh lolong!! Maneh teu neuleu sakitu panon aing bolotot kieu!! Dasar lalaki buaya balong.”
Mr. DarK : “ Nyi Kunti. . .”
Nyi Esot : “ Ih. . .akang mah. Maenya bade ninggalkeun abdi.”
Mr. DarK : “ Atu da??? Nya entos we atuh jeung nyi Esot heula ayeuna mah.”
            Teu lami ti eta torojol barudak S A jeung I S...
Laura : “ Ih....gimana dong, ujan ni....Rambutku basah dong. Mana baru di Blow...jadi rusak deaah...”
Enok : “ Ah....meni lebay pisan...!!”
Denok : “ Geus....geus....geus teu penting.”
Bu Ustadz : “ Urang ngiuhan heula weh atuh. Tuh di payun aya imah kosong. Hayu...”
             Barudak I S jeung S A ahirna langsung asup ka imah kosong. Ku sabab Nyi Esot jeung Mr. DarK apal yen aya nu asup ka imah eta, Mr. DarK langsung nyumput. Kitu deui Nyi Esot langsung nyumput.
Tinok : “ ih. . . .meni sararieun uy......pararoek kieu.”
Bella : “ Ih. . .nya poek....bararau deui, ih...”
Tinok : “ Ih. . .bodo. Nyaho di tengah-tengah leuweung, nya moal aya listrik atuh, ih. . .pinteran keneh abdi.”
Enok : “ Nya enyalah. . . .barudak S A gitu Lho!!!”
Bu Ustadz : “ Eh. . .kumaha atuh. . .raribut wae. Geus ah. . .damai. . .damai. Ayeuna mah urang nginep heula sawengi di dieu. Saayana oge bae daripada sare di luar bisi aya Bagong.”
Barudak I S & S A : “ Enya....hayu atuh.”
           Ti dinya barudak S A jeung I S laleumpang bari jeung sararieun tea. Teu lila, ujug-ujug aya sora . . .duuttt....
Itok : “ Ehm. . .bau. .Saha yeuh nu hitut??? Maneh nya??( bari nunjuk ka Tinok ).”
Tinok : “ Ih. . .lain. . .tanya we ka si Denok. Si Denok meureun??”
Denok : “ Eh. . .enak wae. . .tanyakeun we ka barudak I S. Titatadi caricing wae.”
Enok : “ Eh. . .mararaneh, naha ti tatadi cicing wae. Boa, maneh nya nu hitut??( bari nunjuk ka barudak I S )
Laura : “ Ih. . .sorry saha deui nu hitut.”
           Teu lila ti eta aya deui sora hitut. Duuuttt. . .
Enok : “ Ah. . .sia. .!! Eta geningan kapanggih tah...Era da mun jelema. Untung we maneh mah keresek.”
Laura : “ Naon. . . .Maneh ngajak gelut ka urang. Hayu. . .Barina ge urang mah teu hitut.”
Jessica : “ Boa-boa jurig nu hitutna??”
Nyi Kunti : “ Fitnah sia!!! Da urang mah teu hitut. Awas sia. . .!!!di cekek gera.( bari indit deui ) hi. . .hi. . .hi . .”
          Barudak I S jeung S A langsung jarempe bari papelong-pelong. Teu lila barudak I S jeung S A langsung ngajerit pas nyadar yen nu bieu teh Kunti.
Barudak I S & S A : “ Aaargh. . . .”
         Maranehna langsung ngaluarkeun simut tina kantong. Bari langsung ngurubunan maranehna.
Bella : “ Aduhh. . .aduhh. . .mules euy. Hayang ka WC yeuh. . . teu kuat. . .!!Atuh ih. . .anteur.”
Tinok : “ Hoyong EE nya??”
Bella : “ Enya. . .Miss anteur ka WC atuh.”
Miss. Lusiana : “ Ah. . .meni tong ka Miss atuh. Da Miss oge sieun.”
Bu Ustadz : “ Ih. . .meni ribut wae. Hayu atuh ku ibu di anteur.”
          Sadugina di WC. . .
Bella : “ Bu, antosan nya?? Sakedap da.Nya. . .nya bu??”
Bu Ustadz : “ Enya, sok atuh. Hus. . .hus kaditu enggal( bari ngagebah Bella siga ngagebah hayam ).”
          Tilu jam kemudian. . .
Bu Ustadz : “ Bell, atos acan? Meni lila, bau yeuh...!! Ah. . .meni lila si Bella mah.”
         Tos kitu, teu disangka-sangka pas Bu Ustadz malik, ningal aya lukisan anu aneh. Bu Ustadz anteng ningali eta lukisan.
Bu Ustadz : “ Ih. . .naha ieu lukisan teh meni ningalikeun wae. Ah. . .urang geulis nya?? Biasa, karek nempo bidadari. Karek jadi lukisan wae geus ganjen. Komolamun jadi jelema?”
Mr. DarK : “ Emang maneh geulis!!”
Bu Ustadz : “ Hah. . .naon?? Urang jeung maneh?? Gak level deah.”
Mr. DarK : ( Ujug-ujug Mr. DarK kaluar tina jero lukisan bari ngomong ) “ Eh. .sembarangan. Kieu-kieu oge urang teh primadona. Diparebutkeun ku awewe.”
          Bu Ustadz langsung reuwas ningal Mr. DarK kaluar tina jero lukisan.
Bu Ustadz : “ Astagfirullah. . .naha maneh kaluar asup lukisan. .”
Mr. DarK : “ Nya. . .enyalah. . .Si Ibu geulis-geulis bodo ningan...kan abdi teh jurig.”
Bu Ustadz : ( bari reuwas ) “ Hah. . .ju. . .ju . .jurig, lumpat. . .!!!”
        Di samping eta. . .
Bella : “ Ibu. . .Ibu. . .!!! Ah, tong ditinggalkeun atuh.”
      Teu lila, nyi Kunti langsung ngaheureuyan Bella. . .
Nyi Kunti : “ Hai. . . Hi. . .hi. . .hi. . .Ih, bau!!! Seblok atuh!!”
      Bella langsung olohok. Teu lila si Bella langsung ngajerit. .
Bella : ( bari lulunpatan ) “ Aah. . .ibu. . .ibu. . .aya Kunti. . .!!”
      Bella jeung Bu Ustadz lulumpatanka ruang tengah. Apek teh di ruang tengah oge barudak keur paudag-udag jeung Nyi Esot sareng Mr. 3G. Saenggeus lila paudag-udag. . . .
Nyi Esot : “ Ah. . .cape.”
Nyi Kunti : “ Geus ah cape. Indit yu??”
Mr. DarK + Mr. 3G : “ Heueuh, engke we teruskeun deui.”
       Saatos liren paudag-udag, barudak S A jeung I S istirahat. Tapi, Bu Ustadz misah. Ti dinya Bu Ustadz calik di juru bari nangis.
Bu Ustadz : “ Nasib. . .nasib. . .duh. . .diselingkuhan. Na. . .kurang naon abdi teh. . .hiks. . .hiks . .”
( Nyi Kunti noong bari ngomong )
Nyi Kunti : “ Ku naon atuh leweh wae??”
Bu Ustadz : “ Geus ah. . .gandeng!!! Halik. . .halik. . .kaditu indit!! Dasar sia goreng patut!! Indit kaditu. . .hus. . .hus . .!!!”
Nyi Kunti : “ Ah. . .sia. Leuheung mun geulis. Sangkilang beungeut balangsak, geus lah damai. . .damai. . .Yeuh, ayeuna urang rek nanya, maneh teh saha? Terus, kunaon bet leweh?”
Bu Ustadz : “ Kuring Ustadzah.”
Niy Kunti : “ Hah. . .Ustadzah??? Duh. . .ampun. . .ampun. . .”
Bu Ustadz :  ( bari nyanyi ) “ Yeuh, biasa we atuh da Ustadzah juga manusia. Abdi teh ceurik ku sabab abdi teh di salingkuhan.”
Nyi Kunti : “ Eh. . .ko sarua sih!! Yeuh. . .Bu Ustadz, sangsara abdi mah keur hirup di salingkuhan geus maot disalingkuhan oge. Duh. . .nalangsa. . .nalangsa. . .ngabatin yeuh!!”
Bu Ustadz : “ Duuh. . .karunya. . .!! Yeuh, lamun kuring mah karek kapanggih ayeuna yen urang teh disalingkuhan. Leuheung lamun jeung ustadzah deui, ieu mah jeung sinden panggung gera.”
Nyi Kunti : “ Bodo sia!!Maenya we aya ustadzah rek sasalingkuhan.”
Bu Ustadz : “ Atuh abdi kudu kumaha nyi Kunti, sakiit. . .sakiit hati ini. .”
Nyi Kunti : “ Boro-boro mere saran keur didinya, urang oge lieur. Teuing urang oge kudu kumaha.”
         Ti dinya Nyi Kunti jeung Bu Ustadz ngaralamun mikirkeun carogena masing-masing. Teu lila ti eta daratang barudak S A jeung I S ngadeukeutan Bu Ustadz.
Jessica : “ Huagh. . .duh. .tunduh banget sih!”
Tinok : “ Aduh. . .lieur ah. . .Hah, si ibu kunaon??”
Enok : “ Tanya atuh ku maneh?”
Tinok : “ Alim ah hoream. Ku Denok we atuh.”
Denok : “ Naon ari maneh???
Itok : “ Eta. . .ta senah pang nanyakeun ka Bu Ustadz, kunaon kitu?”
Denok : “ Heuh. . .pira kitu wae meni hararese.”
Tinok : “ Sok atuh.”
Denok : “ Bu, ku naon meni jempe wae tatadi teh?”
Bu Ustadz : “ Ah. . .henteu. . .biasa jalmi nuju patah hati kumaha?”
Denok : “ O. . .masalah Pak Ustadz nya Bu?”
Bu Ustadz : “ Muhun.”
Bella : “ Eh Tinok, ari eta anu sareng Bu Ustadz saha?”
Tinok : “ Mana?”
Bella : “ Eta tah?”
Itok : “ Alah sia heueuh naon?”
Laura : “ Atuh ah. . .naha nya bulu kudu abdi jadi mirinding??”
Jessica : “ Boa-boa jurig?”
Denok : “ Paling-paling lamun lain jalmi mah pasti jurig.”
Enok : “ Hah. . .jurig?”
Bu Ustadz : “ Barudak, kunaon sih meni tatadi haharewosan wae?”
Miss. Lusiana : “ Duka tah bu, darudak mah sok kitu tah.”
Tinok : “ Bu. . .bu . . .eta. . .anu di sisi ibu saha?”
Bu Ustadz : “ Mana? O. . .ieu mah Nyi Kunti. Naon kitu?”
Enok : “ Berarti jurig atuh??”
Barudak S A & I S : ( ngajerit ) “ Aah. . .”
Denok : “ Ah. . .biasa we atuh. . .meni lebay sagala.”
Bu Ustadz : “ Ku naon barudak ?”
Itok : “ Bu. . .eta jurig. . .gera ingkah. . .bu. . .bisi di cekek.”
Bu Ustadz : “ Naon sih. . .biasa we atuh, siga nu nempo jurig wae.”
Nyi Kunti : “ ah. . .sia Kunyuk!! Pan urang teh jurig yeuh. . .euceu!!”
Bu Ustadz : “ Poho. . .maaf. . .maaf.”
Barudak S A & I S : “ Bu. . .sieun. . .”
Bu Ustadz : “ Santai we atuh. . .santai. . .da geus jinak ieu (bari ngadegungkeun )”
Nyi Kunti : “ Busseet. . .dahsyat. . .jinak gitu Lho!! Emang urang hayam, ngadegungkeun deui. Teu sopan, dosa. .hayang dosa?”
Bu Ustadz : “ Sorry atuh. . .sorry .”
Bella : “ Ari Ibu jeung Kunti nuju naon?”
Enok : “ Ah. . .si Ibu mah. . .pasti ngagosip nya?”
Bu Ustadz : “ Eh, sembarangan, yeuh ibu teh nuju diskusi tentang poligami.”
Barudak S A & I S : “ O. . .”
Miss. Lusiana : “ terus, Ibu hoyongna kumaha?”
Nyi Kunti : “ aing mah cape hate.”
Jessica : “ Bu, hoyong teu upami misalna di bantuan ku ararurang meh ngahiji deui sareng Pak Ustadz.”
Enok : “ Nyi Kunti oge sami kitu?”
Bu Ustadz + Nyi Kunti : “ Kumaha carana?”
Barudak S A & I S : “ Kieu Bu. .”
Bu Ustadz : “ Kumaha?”
Barudak S A & I S : “ Nya matakna bu kadieu ( bari ngarumpul ngaharewoskeun ka bu Ustadz jeung Nyi Kunti ).”
Denok : “ Hayu atuh urang jalankeun misi nu pertama.”
Barudak S A & I S : “ Hayu. . .”
        Barudak langsung ngalaksanakeun misi nu pertama. Ti tempat lain. . .
Enok : “ Nyi Esot, abdi bade nyarios tapi ulah ngambek.”
Nyi Esot : “ Emangna bade nyarios naon?”
Enok : “ Kumaha lamun misalna nyi Esot gaduh caroge terus caroge nyi Esot salingkuh, misalna jeung nyi Kunti.”
Nyi Esot : “ Eh. . .budak karek nengtet mah tong loba ngomong. Ikut campur wae.”
Itok : “ Sok, engke lamun misalna nyi Esot jadi jeung Mr. DarK terus Mr. DarK bobogohan deui jeung nu lain. Kumaha?”
Nyi Esot : “ Bener oge. . .nya entos atuh Mr. DarK ayeuna bade diputuskeun ku abdi.”
Nyi Esot : “ Beph. . .beph. . .kadieu gera sakedap.”
Mr. DarK : “ Aya naon Beph?”
Nyi esot : “ Dugi kadieu we hubungan urang teh. Intina mah ayeuna urang, PUTUS.”
Mr. DarK : “ Naha?”
Nyi Esot : “ Abdi karunya ka nyi Kunti.”
Mr. DarK : “ O. . .Enya atuh. Abdi oge da nyaah keneh ka nyi Kunti.”
Barudak S A & I S : “ Oh. . .So. . .sweeT.”
          Teu lami ti eta nyi Kunti datang. . .
Mr. DarK : “ Nyi, hampura, hampura akang nganyenyerikeun wae nayi.”
Nyi Kunti : “ Abdi oge nyuhunkeun dihampura ku akang da abdi oge seueur dosa ka akang.”
          Nyi Kunti jeung Mr. DarK ahirna baikan deui. Di sisi lain oge, nyi Esot meunangkeun gentosna nyaeta Mr. 3G.
Nyi Esot : “ Nuhun barudak!! Ayeuna abdi tos gaduh nu anyar nyaeta Mr. 3G. Nu leuwih sagalana ti Mr. DarK.”
        Isuk-isuk barudak beberes langsung balik deui ka pasantren. Di lain tempat aa Jim sareng nyi Sinden nuju duduaan.
Aa Jim : “ Nyi, akang teh tos teu kiat hoyong gera janten caroge nyai.”
Nyi Sinden : “ Kumaha atuh kang, da teh Mimih na oge teu satujueun.”
Aa Jim : “ Nyai ayeuna kudu insaf jadi Sinden panggung. Nyai kudu jadi muslim sajati. Kudu nganggo jilbab ayeuna mah.”
Nyi Sinden : “ Enya atuh, demi akang. Nyai tos sreg pisan sareng akang. Demi akang, nyai bade insaf.”
         Ahirna nyai Sinden insaf. Barudak S A jeung barudak I S ahirna balik ka daerahna masing-masing. Ahirna, barudak S A nepi ka pasantrena. Barudak langsung istirahat. Teu lila ti eta. . .
Tinok : “ Bu. . .bu. . .itu saha?? Asa aa Jim tapi sareng istri. Tapi sigana itu mah sanes nyi Sinden da nganggo jilbab.”
Bu Ustadz : “ Wah. . .mana. .mana?”
Nyi Sinden : “ Teh, abdi atos insaf ayeuna mah. Abdi bade nyuhunkeun widina kanggo nikah sareng aa Jim.”
Aa Jim : “ Teh. . .pliz. .pliz. .”
Bu Ustadz : “ Demi aa, ku abdi di ijinan asal aa kedah adil tong beurat sabeulah.”
Aa Jim : “ aa bakal janji.”
          Ahirna, aa Jim di ijinan nikah deui ku teh Mimih. Barudak langsung kareprok ningali Bu Ustadna baikan deui sareng Pak Ustadz.

1 komentar:

  1. Nembe Di ajar Blog nya.. sok atuh sing rajin nyebarkeun informasi nu sae nya...
    hehehe..manfaatkan dengan bijak.. ok
    http://harymogi.blogspot.com/

    BalasHapus